Maha Karya Lagu Raden Syair Langit "Lagu Ke 42 - Nadhom Manaqib Syekh Thoifur Abu Yazid Al Busthami"
Judul Lagu: Nadhom Manaqib Syekh Thoifur Abu Yazid Al Busthami
Cipta: Raden Syair Langit
Lagu ini dibuat pada tahun 2022 M, dan di aransemen ulang pada tahun 2025 M.
Lirik:
[Intro]
لاَاِلٰه الاَّ الله لاَاِلٰه الاَّ الله
مُحَمَّدٌ رَسُوْلُ اللهِ الشَّيْخ طَيْفُوْر وَلِيُّ الله
لاَاِلٰه الاَّ الله مُحَمَّدٌ رَسُوْلُ اللهِ
اَبُوْيَزِيْد اَلْبُسْطَامِي قَدَّسَ الله ُسِرَّهُ
Disebatna Abu Yazid di nisbatna Al-Busthami
Ramana Kanjeng Syekh Isa Ibuna Jalmi nu Zahid
Aki nateh Syekh Surusyan rakana namina Adam
Raina namina Ali Putrana namina Yazid
Ulama Sufi Tipayun Anu jadi panuntun
Sadaya Wali nalutur ka Kanjeng Syekh Thoifur
Lahirna teh di Bustham Kaspia Nagri Iran
Jadi saksi Tarekatna Thaifuriyah namina
Saratus dalapan dalapan dina taun Hijriyahna
Kanjeng Syekh dibabarkeun langit bumi nyaksikeun
Dina yuswa tujuh puluh Kanjeng Syekh teras ngantunkeun
Alam dunya nu pakewuh mulih ka Allah nu gaduh
Seueur pituah Mantenna anu jadi Mutiara
Bekel hirup keur didunya sangkan akhlaq jadi mulya
Syekh Thoifur tos kacatur jalmi sholeh anu mahsyur
Ajarana anu luhur pikeun conto dulur-dulur
Saratus rokaat sawengi tahajudna Syekh Thoifur
Tiumurna tujuh taun teu kalangkung sapanjang umur
Mun aya tuangeunana nu kirang kahalalana
Tara nampi Salirana ngajaga sareng Diraksa
Kasauran Syekh Thoifur lamun urang hoyong dugi
Ka Dzat Allah Anu Suci kedah ngabersihkeun ati
Moal dugi makrifatna lamun aya munafeqna
Dina hate nu ngaraja nafsu jeung angkara murka
Ngaleburkeun dina diri tina sagala dunyawi
Ngalepaskeun nu ngahijab teu ngakukeun jadi sabab
Lamun rasana ntos fana Kantun Allah Nu Baqona
Fana wal Baqo namina Wehdatul Wujud puncakna
Ittihad nu disebatna oge disebat Hululna
Manunggaling Kawulo Gusti Saur Sayid Hasan Ali
Diantawis nu neuraskeun ajaran Syekh Thoifur na
Hasan Ali nu kacatur sami mahsyur jeung Guruna
Syare’at jeng hakekatna moal bisa dipisahkeun
Lamun hoyong nyampurnakeun jalan nu pisalameuteun
Lamun ninggal syare’atna eta teh zindiq namina
Lamun ninggal hakekatna ibadah moal ditarima
Tarekatna Syekh Thoifur ngajarkeun cinta nu luhur
Ka Dzat Allah anu Ghofur cinta nu moal ka ukur
Dunya geus lain ukuran Anging Allah jadi tujuan
Ti Allah kangge Allah mulih deui ka Dzat Allah
Hakekatna urang teu aya nu aya ukur Allah na
Dihideungkeun dibeureumkeun diusikeun dibalikeun
Heunteu boga tapak gawe ukur nyawa dina bangke
Sagalage ukur wayang nu diatur-atur Dalang
Saur Kanjeng Syekh Thoifur naon nu rek disombongkeun
Sagala ukur titipan ulah salah panarimaan
Ibadah geura seueuran dzikirna geura teleban
Zahar na oge sirri na dugi kana tajalli na
aya na pidah aya nu Aya teu aya pidah aya nu Aya
aya na boh teu aya na pidah aya na nu Aya
Gusti Sajatining Mulyo Allah ‘Azawajalla
Cinta abdi sarerea moal ka ukur jeurona
Hiji waktos Syekh Thoifur ngajak to’at kadirina
Nafsuna henteu narima teras kifarat anjeuna
Dina sataun nulandung Syekh Thoifur teras saum
Tina hal anu sapira nu dianggap kusadaya
Kasholehan Syekh Thoifur hese ngabandinganana
Langki anu nyamiana abdi rindu ka Anjeuna
Mugia abdi sadaya diangkeun janten muridna
Nutur lengkah ka Mantena dugikeun kana Sawarga
Kanjeung Nabi anu mulya Muhammad jeneunganana
Sholawat sareng salam na mugi ngocor ka anjeuna
Syekh Thoifur anu Mahsyur nu solehna tos kacatur
Guru nu panteus ditutur Abdi sadaya nalutur
Gusti Allah anu Agung Abdi hoyong dilingkung
Ku Rohmat Kasalametan dunya parat ka Sawarga
Mugia abdi sadaya janten jalmi ahli to’at
Ahli tobat ahli sholat sareng ahli ma’rifat
Selain sebagai seorang Da'i, Guru Tarekat, Penulis Buku, Raden Syair Langit juga dikenal sebagai seorang musisi dan pencipta lagu. Tercatat sudah 70 lebih, lagu yang dibuat Raden Syair Langit (Abah Leuweunggede) sejak tahun 2005 M sampai tulisan ini dibuat (Maret 2026 M).
Susunan lagu ke-42 pada Maha Karya Lagu Raden Syair Langit adalah lagu yang berjudul : Nadhom Manaqib Syekh Thoifur Abu Yazid Al Busthami"
ttd. Penulis Jejak Makrifat


Tidak ada komentar:
Posting Komentar